Senin, 23 Juni 2014

Pidato Perpisahan Sekolah Dalam Bahasa Sunda

Pidato Perpisahan Sekolah ini khusus kami sajikan dalam bahasa daerah sunda, Pidato Perpisahan Bahasa Sunda Singkat ini juga merupakan salah satu Contoh Pidato Perpisahan Bahasa Sunda Singkat yang mungkin bisa membantu anda khususnya yang tengah mencari/membutuhkannya tentunya. Pidato Bahasa Sunda Pendek yang kami sediakan ini merupakan salah satu conto, yang selebihnya mungkin anda bisa merubah beberapa kata dalam pidato ini dan menyesuaikannya sesuai dengan acara yang berlangsung. Silahkan simak saja Pidato Perpisahan Sekolah Dalam Bahasa Sunda selengkapnya, berikut di bawah ini.

Bismilaahirrohmanir rohim,
Assalaamualaikum wr.wb.

Langkung ti payun sim kuring ngahaturkeun nuhun ka pihak panitia anu parantos masihan waktos kanggo sasanggem dina ieu acara. Hapunten anu kasuhun, saupami dina ieu biantara aya pisanggem anu kirang merenah, boh basana boh tatakrama.

Bapa Kapala Sakola miwah Bapa sareng Ibu Guru, Kitu deui sakumna réréncangan sakola sadaya anu dipikacinta, Dinten ieu, dina raraga paturay tineung murid kelas genep/salapan/dua belas, tipayun mangga urang sasarengan manjatkeun puji sinareng syukur ka Gusti Nu Maha Suci, réh maparinan taufik sareng hidayah-Na, dugi ka danget ieu urang sadaya aya dina séhat wal afiat. Pamugi ku kasumpingan urang sadaya kénging ridho ti Alloh SWT. Solawat sinareng kasalametan mugia dilélérkeun ka jungjunan urang sadaya Nabi Muhammad SAW., ku jasa mantenna anu parantos maparin patwa ka urang sadaya dugi ka terang mana anu haq sareng mana anu bathil. Mugia urang sadaya kalebet umat anu taat kana ajaran mantenna.

Bapa sareng Ibu Guru,sareng réréncangan sakola sadaya anu dipikacinta,
Sim kuring atas nami wakil murid kelas genep/salapan/dua belas, seja ngadugikeun katineung, kedal lisan dina raraga paturay tineung. Bapa sinareng ibu guru anu dipikacinta, cunduk waktu ninggang mangsa, ...... taun teu karaos sim kuring saparakanca diatik dididik sagalaning elmu pangaweruh anu teu kinten seueurna jasa bapa miwah ibu guru sadaya. Sim kuring sadar yén salami .... taun tos tinangtos seueur ngalakukeun hal-hal anu matak musingkeun sareng pikakeuheuleun. Kumargi sakitu, sim kuring saparakanca seja neda sih hapuntenna tina samudayaning kalepatan.

Kalih ti éta sim kuring saparakanca seja neda pidua ka bapa, ibu guru supados tiasa neraskeun diajar ka sakola nu langkung luhur. Teu hilap ka adi-adi sadaya nu masih kénéh aya di bangku sakola ti kelas ... dugi ka kelas ... , mugi sing getol diajar, sareng sing taat kana piwuruk bapa sareng ibu guru.

Bapa, ibu guru, sadaya nu sami hadir nu dipikacinta. Sakitu katineung ti sim kuring, kirang langkungna hapunten anu kasuhun.
Wabillahi taufik walhidayah Wassalaamu alaikum wr.wb.

Demikian Pidato Perpisahan Sekolah Dalam Bahasa Sunda ini kami informasikan. Terimakasih atas kunjungannya di blog ini. Semoga bermanfaat.

Label: