Kamis, 16 Januari 2014

Sajak Sunda Sedih

Sajak Sunda Sedih. Dina sajak sedih ieu ngarupikeun kumpulan tina sababaraha karya putra sunda asli nu di kumpulkeun ti salah sawios sumber di internet. Maksad sareng tujuanna na nya teu aya sanes pikeun ngeunalkeun budaya sunda ka publik nu langkung luas. Sapalih ti eta, nya kuring ge ngaraos gaduh tanggeulwaler kangge ngamumule budaya sunda sabab kuring katempuhan jadi urang sunda. hehe... Atuh nya hapunteun anu kasuhun wirehna kurinmg mah geuning nyarios sunda na teh rada "badeol" kieu euy. Salajengna, ambeh teu nyangkolong kana waktos, mangga di aos wae Kumpulan Sajak Sunda nu tos di sayogikeun di handap ieu. Wilujeng ahh...

HAREPAN 20.11
Yasana: Meli Mutiati Raina

Nikreuh mapay jalan satapak
Luntang-lantung neangan anu dituju
Saucap harepan anu moal bisa dileuleungit
Nineung anu jadi kaasih
Reyem-reyem kalangkang
Teu tangtu saha nu ditéang
Kuring cicing dipadumukan
Clak… clak….clak….
Ngepris ngagirimis hujan ngabaturan
Caang na haté nungtun ka Ilahi
20.11 kuring cicing
Paadu keukeup ngahiji rasa dina simpéna peuting
Nyimpen galindeng dina wanci.

36 Minggu
Yasana : Fadilla Zahra Putri

background2cj.jpg
Teu kaimpleng dina pikiran
Tiung bodas nu ngagebray
Ngan jadi panutup raray
Sapatu leutik campernik
Ngan ukur jadi bungkus
Kamar nu majar lucu
Kacida nyelekitna ngan ukur jadi pengéling

36 minggu anu dianti-anti
Ngan ukur jadi cimata
Lain, lain cimata orok
Tapi malah cimata haté
Alatan orok teu bisa ceurik

Beurang jadi peuting
Kacida poékna kacida simpé
Caang jadi angkeub
Alatan mega poék baé
Kawas panon poé nu tuluy susulumputan
Nahan katumbiri nu rék ngebrakeun cahyana

36 minggu nu dianti-anti
Ngan jadi raheut dinu manah
Harepan ngan ukur kalangkang
Hideung sahideung béntang parlaya

Dikantunkeun
Kenging : INA

Ceuk hate mah
Alim pegat sareng salira
Ceuk niat mah
Hoyong nyarengan salira salamina
Ceuk nafsu mah
Keuheul katut handeueul teu aya bandinganna

Dalah dikumaha
Pegat tea akhirna
Paturay teu disangka-sangka
Pileuleuyan salawasna

Batin jumerit oge nalangsa
Asa dimomorekeun
Kabengbat ku anu telat datang
Mohokeun kanyaah kuring salila ieu
Habis manis sepah dibuang
Ceuk paribasa Malayuna mah

Tapi da moal kamalinaan nalangsa
Lain milk matak kitu oge
Rencana teu nanaon ngarencana
Allah SWT nu langkung uninga

Peunggas
Kenging : Luthfi Izzatul Khairi

Peunggas
Dahan malati peunggas
Ninggalkeun seungit nu kamari nyari

Teu nyangka asih salira geuning bet regas
Lir dahan malati katebak ku angin bajra.

Peunggas dahan malati peunggas
ngantunkeun tangkal nu ngawawaas.

Aya ku harianeun
Deudeuh nu kamari limpas, ayeuna jadi korédas.

Panutan nu kagundamkeun
Malati nu kamari ku urang disungsi
Ayeuna indit tanpa bèja euweuh pamit.

Kawas anjeun nu miang
Duka kamana ukur nundakeun cimata tunggara.

Peunggas dahan malati peunggas,
Maturan harepan nu ilang tina pakarangan tresna.

Régang Garing
Kenging : Siti Nurhanifah

Régang garing éta ukur sumegruk dina mongkléngna peuting.
nyukrih hiji guritan suni dina lungkawing nurani.
naha anjeun keur anteng ngumbar ngimpi?

Régang garing éta ukur sumambat dina janari leutik,
nalika anjeun indit ninggalkeun ngimpi, tanpa imut anu ningtrimkeun.

Régang garing,
kuring geus ninggang mangsana pikeun semplak.
lain alatan katebak angin atawa hujan,
tapi alatan anjeun nu lawas teu kungsi nganjang deui.

Sumber 1 : ipa4sman1garut.blogspot.com
Sumber 2 : puterapanjalu.blogspot.com
Demikian Sajak Sunda Sedih ini. Hatur nuhun ka sadaya sumber nu parantos ngabantos kangge Kumpulan Sajak Sunda Sedih ieu. Salam sukses wae ka sadayana!

Label: