Sajak Sunda Alam
Sajak Sunda Alam. Setelah sebelumnya saya informasikan juga Sajak Sunda Cinta pada kesempatan yang lalu, kali ini akan saya tambahkan juga dengan Sajak Sunda Alam. Sebenarnya tak ada bedanya dalam bersajak, hanya tergantung dari judul dan tema yang di bawakannya. Sajak-sajak berikut saya kumpulkan dari beberapa sumber, dan karya ini merupakan asli putra sunda yang sengaja saya angkat untuk mengenalkan budaya tatar sunda ke publik yang lebih luas, yaah mengingat saya sendiri putra turunan sunda, jadi saya merasa bertanggung jawab untuk ikut serta melestarikan budaya-budayanya. :)
Naha ???
Yasana : Ricky Trinaldi P.
Naha bet aya manusa ?
Ari ukur ngarusak alam dunya
Naha bet aya agama ?
Ari teu bisa ngadidik jelema
Naha bet aya cinta ?
Ngan saukur nganyenyeri
Naha bet aya kanyaah ?
Ngan saukur jadi pitenah
Naha aya basa?
Ari saukur jadi kakuatan para durjana
Naha aya naha ?
Ari euweuh jawabana
Ningali kahirupan ayeuna
Teu jauh béda waktu kuring keur ngora
Nahanya ???
LEMBUR KURING
Yasana : Anggi Anggraeni R.G.
Saban énjing muka jandéla
Tatangalan pinuh kekembangan
Nambih éndah pamandangan
Sora manuk nembangan
Mapaésan pasawahan
Anu sakitu ngeplak éndahna
Mung ku jaman ayeuna
Anu kitu atos leungit
Tatangkalan anu aréndah
Jadi gedong-gedong
Manuk anu unggal énjing kadangu sorana
Ayeuna mah tos teu aya deui
Kuring rumaos ka diri
Saha anu lepat
anu ngajadikeun lembur ruksak
Ku ayana gedong-gedong éta
Mung kajadian baheula
Anu sakitu éndahna éta pamandangan
Sigana moal bisa balik deui
=======================
Jalan NGOLÉCÉR WANCI REUPREUPAN
Yasana : Fikra Fidzikri
Gupayna kembang pupujan
Imutna mere lolongkrang
Lelewa ngagoda pamadegan
Nutur-nutur dina hate
Teu kendat mepende lamunan
Teu weleh nyipta kalangkang
Duh Gusti wanci the gening geus reupreupan
Hate teu ajeg, ngajanteng di jalan ngolecer
Naha geulis sumping the wanci geus kieu
Apan peuting sakeudeung deui kasorang
Moal boa karep urang hamo patepang
Deudeuh teuing takdir diri
Harianeun teu mapag kahayang
Isuk jaganing pageto mun urang patepung
Kaasih moal leungit
Mere kaendahan nu teu pegat
Jalan ngolecer wanci reupreupan
Kamana atuh jalan pamadegan
Lir sendra tari sababak
Dongeng keur anak incu pageto
Eunteung hirup
================
Oke itulah Sajak Sunda Alam. Mohon maaf jika banyak sekali kesalahan yang kurang berkenan, insya Allah pada kesempatan lain akan saya perbaiki dan akan saya tambahkan juga yang terbarunya. Yang pasti jangan lewatkan saja informasi terbaru lainnya. Semoga bermanfaat.
Label: Sajak Sunda
<< Beranda