Sajak Sunda Cinta
Jadilah.com - Conto sajak sunda ieu di kumpulkeun ti salah sahiji sumber di internet, kalayan maksud sareng tujuanna teu aya sanes pikeun ngamumule budaya urang (Sunda). Mohon ma'af dalam hal ini saya belum bisa berbahasa sunda yang baik dan benar (halus), walaupun saya terlahir dan besar di tanah sunda yang kita cintai ini. hehe... Setelah sebelumnya sempat saya informasikan juga dengan Kumpulan Puisi Bahasa Sunda, kali ini sobat khususnya putra tanah sunda wajib membaca Sajak Sunda Cinta yang sudah saya siapkan di bawah ini. Oke, Silahkan di simak...
SATIA
Yasana : Agis Sofyan Nulhakim
Teu Sangka manéhna seueur nu cinta
Korban harta jeung nyawa
Ngan ukur hayang meruhkeun galihna
Nu saurna taya bandingannana
Ditilik tilik manéhna téh geulis pisan
Putri nu turun ti kayangan
Rumasa kuring gé hayang miboga
Ngadadak ngagedur rasa cinta
Hanjakal aya nu teu raos
Batur mah mawa anting
Batur mah mawa cingcin
Kuring ngan mawa hui sajingjing
Tapi kuring teu rék suda
Alim manéhna kuciwa
Da kuring boga modal nu istimewa
Nyaéta niat rék satia salamina
Paturay Tineung
Yasana : Nurmawanty
Wanci kamari kuring sareng anjeunna patepang
Patepang dihiji tempat anu kacida éndahna
Anjeunna nyandak gitar
Kuring sareng anjeunna kakawihan
Ditempat éta ogé
Kuring sareng anjeunna hareureuy
Silih simbeuh ku cai talaga
Duhhh ..... anggoan urang jalibreg baseuh
Tapi ayeuna anjeunna parantos mulih
Mulih ka jati mulang ka asal
Teu aya deui nu dipikaasih
Teu aya deui nu dipikacinta
Ngahelas ka diri anjeunna
Nu parantos mulih
Kuring ngumbar cimata
Moal aya deui nu nepungan
Moal aya deui kakawihan
Mugia anjeunna kenging rahmat jeung karunia
PoÉKNA KALBU
Yasana : Lia Waliyah
Poék mongkléng nu kacida
Sora bueuk ngalanglang buana
Angin peuting nu ngahiliwir
Nambahan kaguligah manéhna
Bulan nu leungit ka halangan mega
Ngan saukur kalangkang fatamorgana
Kalangkang nu diuk disisi panto
Manéhna sadar ngan bisa ninggali kalangkang
Kasedihan na dadasar kalbu
Nambahan sono ka jiwa nu leungit
Jiwa nu nyaangan hirup
Hirup urang ti harita
Caang bulan harita
Moal aya dina poé ieu
Moal nyampak dina ieu haté
Katresna Ema ngelingan saumur hidup
Nah itulah Sajak Sunda Cinta yang di kutip dari ipa4sman1garut.blogspot.com itu saja dulu, Insya Allah pada kesempatan lain akan saya tambahkan yang lebih baru lagi. Jangan lewatkan saja infromasi-informasi terbarunya. Semoga bermanfaat.
Label: Kumpulan Puisi, Sajak Sunda
<< Beranda